Jumat, 10 Juni 2011

[Andipermutas (SPK/AKPER/STIK/STIKES) Community] Wanci tengah peuting aya sapasang mojang jeung...

Wanci tengah peuting aya sapasang mojang jeung jajaka keur bobogohan ,naek motor ngebut pisan.  Mojang :
Bachri Sb 10 Juni 18:56
Wanci tengah peuting aya sapasang mojang jeung jajaka keur bobogohan ,naek motor ngebut pisan.

Mojang : "Lalaunan atuh, kang... sieun ti gubrag !"
Jajaka : "Moal atuh nyi, cobi geura nangkeup sing pageuh"
Mojang : "Pan ieu ge tos pageuh, Kang !"
Jajaka : "Heug ayeuna bade lalaunan, tapi waler patarosan akang !"
Mojang : "Naon tea kang ?"
Jajaka : "Naha leres nyai teh cinta ka akang ?"
Mojang : "Saksina bumi sareng langit, abdi teh cinta pisan ka akang"
Jajaka : "Naon buktosna ?"
Mojang : "Cobi geura buka heula helemna, teras ngalieuk heula apengker sakedap!"
Jajaka : ( bari ngalieuk katukang ) "Naon buktosna ?"
Mojang : "Ieu kang……muaaaaahhhh !"
Jajaka : (gugurubugan )

Isukna aya beja yen dipengkolan jalan aya motor nabrak gawir, nu numpakna saurang awewe tur jeding biwirna jeung saurang lalaki sirahna buncunur tur beungeutna lamedong ku gincu.

Lihat Kiriman Ini di Facebook · Sunting Pengaturan Email · Balas email ini untuk menambahkan komentar.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar